Pages

Senin, 21 November 2011

Dongeng Sunda Buhun: Si Pucuk Kalumpang

Kacaritakeun Ki Waruga rek ka dayeuh ninggalkeun istrina, Ambu Waruga, nu keur kakandungan. Manehna peupeujeuh ka Ambu Waruga, lamun eta orok nu lahir teh lalaki, omat cing dirawat nu hade sangkan bisa ngabantuan Ki Waruga lamun geus gedena, lamun orokna awewe, piceun bae parabkeun ka si Jelug, hayam jago ingon-ingonna. 
Ambu Waruga teu tega pisan inget parentah salakina Ki Waruga, nyaho yen nu lahir teh orok awewe. Kacida bingungeunana Ambu Waruga, orok beureum teh dititipkeun ka Nini Paraji.  Rek ngabohong we ka salakina mah, gerentes hatena, rek dibejakeun yen orok teh geus dicangcang tuluy diparabkeun ka si Jelug. Padahal si orok teh dititipkeun ka Nini Paraji. Orok awewe teh dingaranan Si Pucuk Kalumpang.
Si Jelug, hayam jago teh bebeja ka Ki waruga sanggeus datang ti dayeuh. Manehna teu ngadahar daging orok, ngadahar balina hungkul. Orokna mah dibawa ka leuweung ku Nini Paraji. Kacida ambekna Ki Waruga, Ambu waruga nu sieun ku salakina tuluy nysusul ka Nini Paraji rek mawa Si Pucuk Kalumpang ka salakina.

 Kacida teu tegaeunana Ambu Waruga, ningal budakna nu geus gede nya geulis kudu dibikeun ka salakina nu geus nyiapkeun taraje bedog keur budakna. Ku katelengesna Ki Waruga keukeuh nitah si Pucuk Kalumpang naek kana taraje bedogna nepi ka saawak-awak pararotong tuluy diparabkeun ka si Jelug. Ku Ambu waruga dikumpulkeun tulang-tulang sesa si Jelug, tuluy dikubur.

Hiji poe aya raja nu sering ngimpi yen aya hiji mojang nu menta tulung kamanehna. Ku kasaktianana, Si Pucuk Kalumpang teh dihirupkeun deui, dijadikeun permaisuri. Si pucuk Kalumpang ngajak Ambu Waruga jeung Nini Paraji hirup babarengan di keraton. Ari Bapana, Ki Waruga, jeung si Jelug dihukum ku raja.
  
(sumber: Dongeng Sunda Buhun, Si Pucuk Kalumpang, kenging Ajip Rosidi)